http://www.pikiran-rakyat.com/
Kalakay
Kuring kalakay
Pulas asak tambaga. Layung nu agung
Nitipkeun kekecapan sapanjang urat
Kuring kalakay
Muntang kana pituduh angin
Tepung og? jeung taneuh kadeudeuh
Masrahkeun geugeut
Mulangkeun raga
Apan sukma geus dipetik imut waktu
Di Kawali
Aya sajak jojor?latan
Ngaracaan tunggul purnama tunggul waktu
Kuring ngalungsar dina tapak dampal suku
Aya sajak sasar
Midangdam akar cahaya akar mangsa
Kuring kumarayap dina tapak dampal leungeun
Aya sajak katalimbeng
Sasab ti batu ka batu ti gurat ka aksara
Kuring leyur ngamalir dina garis-garis simp?
Aya sajak nu salawasna n?angan raga
Rohang Rusiah
Lar sup ka rohang anjeun
Can kungsi kasampak
Ukur seungit kasturi
Naratas bal?bat
Hayang tepung jeung anjeun
Jempling ?mpang
Ngaliwatan sar?bu lawang
Sajak dibebekel
Geus lagedu
Pulang anting saban janari
Sakadar hayang nepikeun simp?
Bet kadungsang-dungsang dina dada sorangan
Boa enya anjeun leuwih betah dina urat beuheung
Boa enya anjeun simp?
Heubeul Isuk
Urang n?angan panonpo? dina bacacar kalakay
Dipaluruh kana sora-sora manuk
Kalah manggih walungan
Genclangna nyalabarkeun tiris
Jangjang kukupu. Makam batu
Lumut n?t?lakeun beueus waktu
Urang n?angan panonpo? kana saban raheut tatangkalan
Buah pineus. Mireng gerentes geutah jeung seuneu
Bet hayang nyadap langit
Katineung
Sar?ngs?na ngudar sagalana
Hareupeun anjeun. Saban tempat
Hamo kapupus
Bangku awi, batu curug, patung alun-alun, tihang-tihang masjid
Tuluy ngayambang sapanjang walungan simpe
Nu ngamuara ka anjeun
*) Lahir di Sumedang 25 November 1976. Menuntut ilmu di Universitas Winaya Mukti Jatinangor. Menulis dalam bahasa Indonesia dan Sunda.